Photobucket

Wednesday, June 17, 2009

Cerpen Sunda Carita Kumaha Urang

CINTA ANU DILARANG
Poe minggu anu basa eta di bulan desember 2009 tepatna teh di desa Burangrang pacitan aya sapasang kakasih anu ngajalanken hubungan tina kelas 2 SMA. Ngaran kakasih eta teh Asep Sunarto sareng Siti Nur Majalengka, ayeuna sapasang eta teh tos asup kuliah di Bandung, lantaran indung sareng bapana teh teu ngizinkeun pacaran, jadi asep sareng siti pacaranna teu di beja-beja, jadi teu aya nu nyaho lamun si asep jeung siti the nuju pacaran. Asep jalemana emang bandel teu bisa dib ere nyaho ku kolot, sok hese di atur pisan, loba kahayang, tapi ku kolotna mah angger sok di berean wae nu dikahayang ku si Asep ngan aya satu syarat nyaeta Asep teu meunang pacaran sareng si Siti kusabab bapana Siti teh nyaeta musuh bubuyutan bapana si Asep. Asep sareng siti teh papanggih di sakolaan manngah atas di garut, basa eta duaan teh sakelas, janten ketua kelas sareng wakilna, jadi si asep janten ketuana, ari Siti mh jadi wakilna. Aya acara anu ngajieun Asep jeung Siti teh jadi pa resep-rsep, dina acara parayaan ulang taun babaturan sakelas, Asep jeung Siti teh di titah maju ka hareup lantaran kudu nyanyi da dipilih ku baturanna oge, teu teurang kunaon duaan eta teh jadi paresep-resep nepi asup ka perguruan tinggi, duaan eta teh asup ka jurusan anu sami, tempat kuliahna oge sami-sami di Bandung, jadi beuki weh langgeng eta hubungan teh.
Bapana Asep sareng Bapana Siti sok gelut ti jaman sakola dasar, nepi ayeuna teh teu bisa poho kana kajadian gelut wae, tapi bapana Asep nyaho budakna teh sasakola jeung budakna si musuh bubuyutan nyaeta Siti. Nuju kuliah di Bandung Asep jeung Siti, tiba-tiba bapana si Asep dating ka Bandung pedah rek kryawisata, kusabab bapana Asep can pernah dating ka Bandung saumur-umur, bapana nganggo bus ka Bandung, mawa oleh-oleh ti garut nyaeta mawa tahu Sumedang. Teu lami di perjalanan, bapana si Asep dugi ka Bandung, aya di terminal leuwi panjang, bapana si Asep lieur lantaran teu nyahoeun kota Bandung, jadi bapan kudu tatanya ka batur tempat si Asep nga kos, kosna si Asep aya di daerah cimbuleuit Bandung, jadi bapana si Asep kudu naik angkot loba lantaran tempatna teh jauh ti leuwi panjang. Dugi nepi ka cihampelas, bapana nyasar heula, lainna tatanya dei ka batur tempatna kalakah ulin ka cihampelas walk, bari mawa tahu Sumedang bapana si Asep jalan-jalan di Ciwalk, basa keur jalan-jalan teu dihaja papanggih jeung si Asep, nyahona si Aspe the keur bobogohan jeung si Siti, bapana si Asep kageteun ningali budakna keur bobogohan di Ciwalk, lantara bapana si Asep teurang saha si Siti teh, Asep langsung di carekan, di titah balik, si Siti mah di titah ditinggalkeun weh di ditu, bae di anteupkeun lantaran saking keselna eta bapana si Asep. Si Asep rada ngalawan ka bapan pedah embung ninggalkeun si Siti, bapa jeung budak akhirna gelut eta di Ciwalk, loba batur anu ningalikeun.
Atos waktuna sejam gelut antara bapa jeung budak, si Siti mah ti awalna geus ceurik ningali si Asep jeung bapana teh ker gelut, akhirna si Siti indit ti tempat eta, si Asep teh langsung lumpat oge lantaran bade ngejar si Siti. Bapana si Asep kalakah di tinggal di Ciwalk, geus lieur ningali budakna anu malah milih si Siti tibatan bapana, ngambek pisan nepi tahu Sumedang eta the di bere keur batur anu keur nongkrong, jadi bisa bagi-bagi keur lobaan. Bapana mah langsung indit deui ka garut, pundung jadina balik deui ka Garut naik taksi lantaran embung repot naik angkot, naik taksi ti Bandung nepi Garut bayar ongkosna awis nepi 700 rebu. Atos dugi ka Garut, bapana si Asep langsung datang ka Imahna si Siti, papanggih jeung musuh bubuyutan, ngomong panggih jeung si Siti di Bandung ker bobogohan jeung si Asep, bapana si Siti ge langsung ngambek, nelepon si Siti langsung nitah balik deui ka Bandung. Isukna poe minggu si Asep sareng si Siti datang ka garut, langsung menta hampura ka kolotna. (bersambung).

No comments:

Post a Comment